Categories
Dari Grup HP

Aday Jeung Kokom Bade Kopdar

URUT KABOGOH AMPROK DI PESBUK (Chatingan BBM) CARITANA REK KOPDAR.

Aday Jeung Kokom Bade Kopdar
  • ADAY : “Kom!.. Ieu uing geus dilembur maneh, pas jalan gede..beulah mana imah teh?”
  • KOKOM : “Anu aya gapura kang, akang lebet kinten-kinten 25 meter aya bumi gedong 3 tingkat, warna kayas, mobilna seueur”
  • ADAY : “Siap! Akang geus dihareupeunana. Ieu imah maneh teh Kokom?”

  • KOKOM : “Sanes akang! Tidinya akang mengkol ka kanan lebet gang kinten-kinten 10 meter, aya lapangan badminton. Tah gigireunana kang”
  • ADAY : “Eta imah maneh?”
  • KOKOM : “Eta mah bumina tukang urut. Tidinya mah akang kantun lempeng, pas ngalangkungan jambatan didinya katingal aya kios alit, seratanana ISI ULANG PULSA”
  • ADAY : “Owh, jadi imah Kokom teh anu jualan pulsa eta?”
  • KOKOM : “Eta mah namina konter atuh kang. Tidinya mah kantun ka kanan dugi ka kuburan. Tah payuneun kuburan aya bangunan kang”
  • ADAY ( keuheul) : “Jadi imah sia teh hareupeun kuburan Sarkommmm?”
  • KOKOM : “Aeh nya sanes atuh kang! Eta mah bumina kuncen, akang ulah lebet kadinya tapi mengkol deui ka kenca, mapay galengan pasawahan, engke oge bakal katingali aya kandang munding”
  • ADAY (ambek) : “Aaarggh..! Eta imah silaing?”
  • KOKOM : “Abdi mah sanes munding atuh ih!. Tidinya akang lurus we teras dugi ka sisi lembur”
  • ADAY (napsu) : “Eta gogobrog sia?!”
  • KOKOM :. “Memangna abdi teh monyet, si akang mah sok aya-aya wae? Torobos eta lembur teh kang, mapay jalan satapak dugi ka pendak sareng masjid alit, tah persis sabeulahna “
  • ADAY (ambek kacida) : “Sakali deui sia ngomong eta lain imah maneh. Dicacag siah mun panggih jeung uing! Ieu tuur geus asa coplok”
  • KOKOM : “Hehehe. sabar atuh kang, ulah emosian janten jalmi mah bilih enggal sepuh. Leres eta pisan rorompok abdi. Kumaha tos kapendak tacan kang?”
  • ADAY (rada bungah) : “Akang geus aya hareupeunana yeuh! Gusti! meni asa ringsek kieu awak. Pokona tanggung jawab mencetan akang nya? hehehe”
  • KOKOM : “Muhun sok langsung kalebet weh da aya Mamah abdi nuju nyalira”
  • ADAY : “Ari Kokom dimana?”
  • KOKOM : “Abdi nuju di ARAB.”

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

Discover more from Just Shared on Tel-U

Subscribe now to keep reading and get access to the full archive.

Continue reading